NERANGKEUN
RAHMAN – RAHIM
Murah jeung Asihna nyatana dina badan.
Dangdanggula
1. Lamun murah Gusti Maha Suci, ku perkara hal dunya barana, naha atuh buktina teh, bet beda-beda kitu, aya nu beunghar aya nu miskin, nu senang nu susah, jadi lamun kitu, siga-siga Gusti Allah, pilih kasih hanteu kasadaya jalmi, murahna dipilihan.
2. Malah-malah ka umatna Gusti, ka umatna Jeng Nabi Muhammad, nu kacida bedana teh, seuseueurna anu ripuh, tina hal kurangna rizki, teu sapertos sejen bangsa, hirupna jaregud, mungguhing di bangsa Islam, hanteu weleh nandangan lara prihatin, hirupna hirup sangsara.
3. Kapan tadi Gusti Maha Suci, murahna teh ka kabeh makhlukna, tapi dina buktina teh, teu cocog hanteu luyu, tur tadi Muhammad Nabi, cenah kakasih Pangeran, sagala diturut, naha buktina salia, ari bangsa sejen nu sanes Agami, bet siga marulya pisan.
4. Ceuk rakana duh karunya teuing, naha rai bet kaliru manah, sirik ka bangsa nu sejen, hirupna jeregud, naha rai can ngaharti, dina kamurahan Allah, ka sadaya makhluk, nu geus nyata bro sapisan, geus tumiba ka diri urang pribadi, naha rai can ngarasa.
5. Nu sakitu Gusti Maha Suci, ngamulyakeun ka makhluk-makhlukna, taya kakuranganna teh, geus bro sarta cukup jeung teu pilih kasih deui, sanajan ka hewan pisan, geus dibere cukup, samrtabat-martabatna, ceuk raina mangga atuh dipiwarti, mana kamurahan Allah.
6. Margi rai rumaos can tepi, kana eta palebahan dinya, di rai mah masih poek, margi tacan dipiwuruk, kapan aya basa tadi, moal enya terang, lamun tanpa Guru, kedah basa Guru heula, sabab tadi Guru teh nu geus dipasti, tuduh jalan marga padang. (*)
7. Ceuk rakana mangga atuh rai, ayeuna amah ku engkang didadar, kamurahanna Yang Manon, nu tumiba dina wujud, bilih rai teu tinggali, maparin panggahota, panangan jeung suku, pangangseu jeung paninggal, jeung pangdangu pangucap eta geus bukti, budi pamilih jeung akal.
(*) Omat kedah pisan milari pigurueunnana.
8. tah sakitu pokna ti Gusti, kamurahan ka urang sadaya, papak sadayana oge, lain murahna Yang Agung, sok maparinan rizki, rupa barang sareng uang, eta lain kitu ari pasal rezeki mah, tangtu bae beda-beda moal sami, aya nu leutik aya nu loba.
9. Da perkawis rizki mah rai, nya kumaha ngagolangkeunnana, eta panggahota bae, lamun urangna suhud, temen wekel teu lanca linci, metakeun panggahota, sageuy hanteu untung, piraku teu jadi senang, tatapina jalanna senang teh pasti, kudu daek ripuh heula.
10. papalayeun geuning bangsa asing, bangsa Cina atawa Walanda, bangsa Arab Japan oge, baleunghar jaregud, sarugih laksaan duit, ku bakating tina suhudna, daek nyorang ripuh, temen wekel teu bengbatan, nya metakeun kamurahan nu ti Gusti, daek mikir jeung praktekna.
11. Mana pantes jadi sugih mukti, beurat beunghar didunyana, da tara bosen ku hese, tara hoream ku ripuh, dikeureuyeuh teu lanca inci, lamun tacan hasil maksad, hanteu weleh ngatur, beurang peuting dipikiran, lila-lila daek mikir mah geus pasti, tangtu bisa kajadian.
12. Kapan tadi geuning unggel Hadist, dalilna teh geuning sok disebat, sadaya ge pada ngartos, dawuhan Gusti Yang Agung, Waman Thalaba kauni, Saian jeung terasna, Jiddan Fawajiddahu, hartina teh saha-saha, anu temen pang mentana ka Yang Widi, menta kalawan jeung prakna.
13. Tangtu pisan Gusti Maha Suci, ka jelema temen pang mentana, awal akhir tangtu bae, dikabulkeun samaksud, sabalikna mun aya jalmi, kurang temen mentana, sasat kurang suhud, sumawon teu jeung prakna, migawena gancang bosen embung mikir, bosen hoream ku bangga.
14. Atuh Gusti nu Maha Suci, moal enya ngabulkeun kahayang, da urangna lanca-lence, tah rai eta kitu, numatak ulah sok sirik, pedah batur jadi senang, baleunghar jaregud, komo ditungtungan ku sugal, nyebut-nyebut ka Gusti Allah teu adil, tur urang nu salah tampa.
15. Saur rai nuhun geus katampi, sapiwejang engkang geus karasa, nuhun rebu laksa keten, sadaya enggeus sumurup, kana kalbu tuang rai, ayeuna ulah kapalang, asihna Yang Agung, cenah asih di Akherat, tah eta ge rai mah tacan ngaharti, muga ku engkang di piwejang.
16. Saur raka kieu eta rai, asihna teh Allah di Akherat, piraku hanteu karaos, pek papay heula atuh, Akherat teh naon rai, nyatana di badan urang, raina ngawangsul, ati rai poek pisan, tina hanteu kahartos sama sakali, eta mah sadaya-daya.
17. Saur raka bilih hanteu harti, akherat teh nyata alam rasa, buktina mah di urang teh, ayeuna meureun kamafhum, pang asihna di Akherat Gusti, piraku hanteu karasa, asihna Yang Agung, kapan geuning sadayana, kaayaan dina ieu alam dohir, boh di cai boh di darat.
18. Anu amis anu pelem nu pait, anu asin nu lada nu gahar, kamana sumurupna teh, saur rai ah katimu, ayeuna mah ku kang rai, bener asup kana rasa, jalanna mah puguh, nya kanu opat tea, di tampana ku rasa teu lepat deui, bener asihna teh Allah.
19. Saur raka tah geuning kaharti, puguh bae pek geura manahan, kayaan di dunya teh, cucukulan nu rarentul, rupina laksaan keti, sinarengan beda-beda, rasana geus tangtu, taya deui anu nampa, anging rasa nya rasa rasulullahi, bakat ku asih-asihna.
20. Saur rai bade naros deui, wireh aya nu tacan kapaham, weleh teu acan karaos, hiji hakna Yang Agung, dua Hak Muhammad deui, katilu hakna Adam, tah eta kulanun, muga ku engkang dipiwejang, nu kaharti pernahna sahiji-hiji, sareng gulungna kumaha.